Fikmin # Dironom Maung #
Pasrah sumerah ka Khyang Widi, menit éta poé éta, mangga nyanggakeun. Maung tingcalengir némbongkeun sihungna. Nu di kénca nu di katuhu, nu lebah suku jeung luhureun sirah, tinggalaur neunggar jajantung.
Karasa dampal suku dilétakan, nyecep tiis. Pigeulang, beuteung jeung embun-embunan dikoétan, peurih lir dituris hinis.
Biwir teu bisa calangap. Puguh, kahayang mah ngagorowok ménta tulung, teu werat.
Maung beuki ngalonyéng. Gigideug, elal-elél, caralangap. “Kéla euy nungguan komandan,” kitu sigana ceuk hiji maung ka baturna. Jeung enyana, torojol maung nu pangbadagna nyampeurkeun. Ngagaur, bangun nu méré paréntah pikeun tatahar balakécrakan.
Atuh puguh, awak beuki norotok bijil késang tiis. Tetempoan mimiti ruam, ukur bisa nyawang kumaha nyerina awak direwégan, dicakaran, disogotan, direcah nepika béak katulang-tulang.
‘Ya Allah iwal ti Anjeun nu tiasa masihan pitulung,” ceuk haté.
Leng..sirah lieur. Beuteung seueul, nguliat. Teu kaampeuh, pess… hitut halimpu naker. Dadaksakala kabéh maung tingkulahék, kekejetan, tiwas sapada harita. Ngemplong, salamet.(Ki denkur)