Fikmin # Falling in Love #
Gunung-gunung ting jalegur. Bararitu. Laharna ngagolak. Haseupna ngelun minuhan langit. Alam dunya asa muter. Inggeung. Tetempoan kararonéng. Seueul. Adug songkol. Burial buncelik. Bijil késang tiis. Jejeritan.
“Ayah, tuang heula,” ukur kadéngé, teu wasa némbalan.
Beledag sora musik cadas, Rolling Stone. Karasana nubrukkan jajantung. Seueul kalah beuki angot.
Galéong sora musik dangdut. Angger teu nyaatkeun késang tiis. Kalah asa didudutan bulu irung.
“Ayaaah…” istiqomah, teu hayang némbalan. Kalah bijil rasa cua. Ceuk haté: “dasar awéwé kurang saeundan. Jeprut. Kalah jojorowokan, lain nyampeurkeun”.
Rét kana tembok. Cakcak bangun nu ngalédék. Kalah gual géol. Ngucang-ngucangkeun buntutna. Laju, disampeurkeun ku cakcak bikang. Tuluy ajojing, kikituan. Katempo pisan.
“Haram jadah. Teu boga prikamanusaan,” cekéng. Keuheul nahan seueul.
Bray panto kamar muka. Lol nu tadi ayah-ayahan.
“Kunaon ari ayah kalah aduk songkol. Paingan disauran teu némbalan,” pokna bangun nu reuwas.
“Ieu kacepét saléting,” témbal téh bari nunjuk nuduhkeun manuk cangéhgar.
Editor: denkur