Popularitasnya Kang Nano dan Teh ining semakin menanjak setelah album-album rekaman kasetnya banyak diminati masyarakat.
DARA| Di era tahun 1980-an, seniman Nano Suratno atau biasa dipanggil Kang Nano sukses mengorbitkan penyanyi Nining Meida. Padahal sebelumnya, Teh Nining lebih kuat atau terkenal di musik tradisional degung dan kacapi suling.
Melalui kesederhana lirik lagu cinta karya Kang Nano, Nining Meida pun menjelma menjadi Ratu Pop Sunda, kala itu. Padahal karakter suara Teh Nining lebih kuat di aransemen degung atau kacapian.
Popularitasnya Kang Nano dan Teh ining semakin menanjak setelah album-album rekaman kasetnya banyak diminati masyarakat. Seperti lagu “Kalangkang”, Tibelat, lewat suara Nining Meida yang sekaligus mengorbitkan nama penyanyi itu.
Kalangkang dalam versi pop Sunda meraih penghargaan BASF Award (1989), dan setahun kemudian meraih penghargaan HDX Award yang terjual dua juta kopi.
Namun sayang seniman Kang Nano S, pencipta lagu-lagu Sunda, meninggal di RS Immanuel, Rabu (29/9/2010)
Berikut Tiga Lagu Karya Nano S yang dinyanyikan Nining Meida :
(1) Kapaut Emut
Nya didieu naha hate geus kapaut
Nuteupira salira, nenggorkeun emut
Ngadadak jadi benten rarasaan
Hate ratug cacakan tepang dadakan
Nya ayeuna kapentang asmara
Sorot soca sinar cinta tembus rasa
Gurilapna lir intan penuh permata
Hate ngangkleung kabawa emut salira
Najan tepung harita ukur salangkung
Kapidangdung gandrung liwung ngalanglayung
Aduh kieu rasana kagembang
Hayang neang, hayang nganjang
Mustika kembang kamelang
Horeng kieu rasana panyakit cinta
Pajarkeunteh hese piubareunana
Lamun cinta nyaliara kana rasa
Rasa endah nutaya bandinganana
Najan tepung harita ukur salangkung
Kapidangdung gandrung liwung ngalanglayung
Aduh kieu rasana kagembang
Hayang neang, hayang nganjang
Mustika kembang kamelang
Hayang neang hayang nganjang
Mustika kembang kamelang.
***
(2) Tibelat
Ukur sareret teuteup saliwat
Tapi duriat tumapel masket
Matih lir peurah diri sumerah
Kumambang asih neang
Pengeunteupan deudeuh
Diri ngambang kabandang
Kajamparing ku manehna
Diri nguyung kapentang
Ngalanglayung ku manehna
Kamana atuh kamana? neang
Manehna, metik atina
Sareret jeung saliwat mawa
Tibelat, susah hilapna
Reret manehna
Teuteup manehna
Seukeut pamorna
Ngahudang cinta
Gandrung tibelat liwung kabandang
Hate micangcang beurang jeung peuting
Raray kagambar, hate gumeter
Hayang patepung, sugan
Asih bisa nyanding
Diri ngambang kabandang
Kajamparing ku manehna
Diri nguyung kapentang
Ngalanglayung ku manehna
Kamana atuh kamana? neang
Manehna, metik atina
Sareret jeung saliwat mawa
Tibelat, susah hilapna
Jamparing asih
Nembus kadeudeuh
Daya asmara
Kembangna cinta
***
(3) Patepung di Bates Kota
Teu sangka manjang tuluyna
Tujuan horéng sarua
Mending sareng ngarah teu sesah jalanna
Haté deg-degan
Rada inggis nyatet alamat sagala
Saminggu saprak harita
Teu sangka manéhna datang
Beuki lila haté manteng
Terus jadi papacangan
Patepung di bates kota
Lalakon urang duaan
(Mun pareng jaga laksana)
(Harepan pinanggih bagja)
Patepung di bates kota
Teu sangka manjang tuluyna
Tujuan horéng sarua
Mending sareng ngarah teu sesah jalanna
Haté deg-degan
Rada inggis nyatet alamat sagala
Saminggu saprak harita
Teu sangka manéhna datang
Beuki lila haté manteng
Terus jadi papacangan
Patepung di bates kota
Lalakon urang duaan
(Mun pareng jaga laksana)
(Harepan pinanggih bagja)
Editor: Maji